• "Nyi VIA HAYANG KAWIN"

    Rebun-rebun keneh nyi Via geus mamawa karung kosong,ngingkig indit ka pasar pagaden,cenah mah rek meuli sambeleun jeung opieun. Balik ti pasar,tuluy manehna kuprak keprek di pawon,nyieun ulén,nutuan oncom,naheur cai jeung sajabana.katingali seupan cau geus ngebul dina aseupan nu masih nagen dina se'eng (nu geus teu mangrupa se'eng)di luhur hawu. Teu lila,kurunyung nazwa jeung mey chan(lanceuk2na via)hariweusweus... "ambu,ambu...si nyai teu aya di kamarna?boa-boa aya nu nyulik ambu,,,"ceuk nazwa,di tembal ku mey.. "sigana mah kabur ambu,da keur wengi teh beberengkes waé,mémérés acuk..." "naooonn..? Ieu uing,lain ambuuu,nyahoo"tembal via,bri nakol naz jeung mey ku céntong. Nu dua'an sing polohok bari gigisik,asa cangcaya kana titingalian sorangan. Rek percaya kumaha tuda,pan biasana mah nyi via teh pangkebluk2na jalma.can dibanjur ku cai saember mah can hudang.estuning hirupna ngan nyaho hardolin doang(dahar,modol jeung ulin,ceuk RT.Yudi tea mah). Gancangna carita.... Singhoreng gening nyi via teh keur boga kahayang,ti ditu na mah ngolo-ngolo meureun,hayang kapake ku nu jadi kolotna. "ambu,ari si nyai gaduh kapalay naon sih,meni ngadak2 jadi getol kitu?"naz nanya ka ambu na "eta cenah nazwa,adi nyaneh teh hayang geura dirapalan..."ceuk ambu "naon di rapalen ambu?mey mah teu ngartos.."ceuk mey,bangun nu panasaran "heu'euh,nyaeta adi maneh teh geus aya nu mikahayang.cenah mah hayang geura prung di kawinkeun..ngan Abah maneh teu nyatujuan da hayang na teh jeung si Jaka pareman pasar pamanukan,budak teu eucreug,nya geus rimbitan deuih.awakna ge pinuh ku tato.."jawab ambu panjang lebar,bari rada nyungkun. "kutan...??"mey jeung naz olohok mata simeuteun bakating ku teu percaya. "heu'euh si nyai mah,teu beunang di warah ku kolot.apan lanceuk2an nyaneh ge masih lalengoh,maenya rek ngarunghal tilu tilu parat"abah nyelengkeung dina luhur para,keur ngadangdanan kenteng anu bocor. "mun jeung si cep Irvan mah,pek teh teuing,ayeuna keneh ge ku abah derr di kawinkeun..."ceuk Abah deui. Gebruggh..!! Sora panto di babètkeun.geus apal kabeh ge kana watek jeung adat si bungsu mah. Peutingna nyi via geus taki2 rek kabur ti imah nu jadi kolotna,tujuana aya 2, mun teu ka markas kg Jaka(bébénéna),manehna rek ka kota nyusul teh Tety,lanceukna anu cikal,nu ayeuna geus jinek di kota.

1 komentar:

  1. via vievan ogoan mengatakan...

    gila abis,,,kereeeeeennnnnnnn,,,ini tentang gw bangt,,,hahahahaaha,,,,thx ya plend,,terus berkaryaaaaa,,,cia yooooooo

Posting Komentar