• AYA CARITA DI SASAK GANTUNG


    ningali photo ieu,ingetan kuring kumalayang,ngumbara ka wanci anu ka tukang,20 taun nu geus kaliwat.
    hiji wangci nu maksa kuring jadi budak nu pikarunyaeun sakaligus pikeuheuleun jalma nu aya di sabudeureun kuring.
    Sa'encana asup SD mah kahirupan kuring teh estuning matak pikabitaeun batur,teu sirikna sagala nu di pikahayang ku kuring bisa kacumponan harita keneh.hayang dahar ngeunah tinggal am,hayang make alus tinggal rap.geus puguh ari coco'oana,mangrupa2 cocoan barudak kota nu euweuh di lembur,kuring boga.lain rek agul atawa nyombongkeun diri,tapi kanyata'ana Allah swt 'ngaragragkeun' kuring di tengah2 kulawarga nu rada aya(pikeun ukuran urang kampung mah).Alhamdulillah,kuring teu mopohokeun kana nikmat eta.
    Tapi teu lila sanggeus kuring asup ka SD(kelas 2 SD,di SDN hegarmanah ,hambaro ciasem)Allah swt mere Ujian.Ujian nu (baheula mah)teu kaharti ku kuring da bubuhan masih lemét kénéh.
    paburantakna rumah tangga nu jadi kolot,sok sanajan kuring teu nyaho alesana,jeung teu ngarti naon maksudna,tapi imbas na mah karasa pisan ku diri kuring.
    Sanggeus papirak,Indung kuring(nu biasa dipanggl emih,boh ku anak2na oge ku sakabéh urang lembur)kaluar ti imah,léngoh teu babawaan,estuning ngan saukur mawa raga sakujur jeung baju nu dipake wae.
    Gancangna carita,indung jeung Bapa kuring mareunang jalan kahirupan msing2 jeung pasangan alanyarna.Tisaprak harita,kahirupan kuring asa ngajuralit,nu tadina aya di punclik langsung ti gejret jadi aya di handap.geus puguh ari hate mah karasa pisan jemplingna(sok sanajan enya leutik kénéh,tapi kuring oge boga pérasaan mah).kuring milih cicing jeung Nini ti Bapa,lanceuk2 kuring(3 awewe kabeh)milih masalantren,baralikna 1 taun 2x.ari nini jeung Aki sapopoena beak di kebon,kuring mah balik sakola tèh nyorangan weh di imah dibaturan ku radio transistor butut kameumeut aki(alm.).lila jeung lila kuring ngarasa bosén(Bété bin Boring cenah ceuk barudak ayeuna mah),tly kuring saeutik2 mulai neangan kasibukan(biasalah,kasibukan budak leutik nya ulin heuheu).enya mimitina mah ulin jeung barudak awéwé sa'entragan,teu jauh2 ti Bp,congklak,soldah,gémpar(gundu) jeung sajabana.tp teu lila,da sok parasea wae.tly kuring milih ulin jeung barudak lalaki,paling resep mun geus ulin kaulinan nu memicu adrenalin,terutama ulin di sasak gantung,kuring cs ablung(ajrut )ti luhur sasak ka walungan nu jauhna rada lumayan.nu ngarana tikerelep mah geus tong di caturkeun,da mindeng pisan,tapi kuring teu kapok.teu jarang kuring saparakanca di carekan beak beresih ku urang lembur,lantarana..kuring cs mindeng pisan nyingsieunan btur nu nyasak dina sasak gantung(eta sasak ku kuring sok di eundeuk2),malah mah aya nu nepi ka tigujubar sagala.salain eta,kebut2an make sapedah ge favorit kuring baheula,kajeun mindeng pisan nyuksruk ge,taya istilah kapok pikeun kuring,samalah mah kelas 3 SD teh kuring mah geus bisa nyetiran motor vespa jumbo bari jeung mun seug eureun sok ngaguling da teu kabadanan(ari bdk bheula jeung di kmpng mah rada aneh jeung jarang pisan,leutik kneh geus bsa kna mtr téh,teu cara ayeuna geus teu aneh).
    Hiji deui karesep kuring baheula,nyaeta lalajo Film layar tancap,dimana wae aya nu nanggap lyr tncp,pasti dijugjug kuring,teu kudu di baturan da kuring mah sorangan ge jalan wae.
    Puguh nini jg aki mah geus kawalahan nguruskn kuring teh,katambh2 kuring mh teu beunang kahulag,sok teu kaopan,babari pisan kana pundung.
    Tp sok sanajan kitu,kuring tetep kuring.budak awewe nu keur neangan jati diri,bdk awewe nu hana'ang ku kanya'ah ti nu jadi kolot,nu matak baheula kuring mah kacida ceuceubna ka nu jd indung,da asa di cul keun kitu wae.
    Mun seug keur haroream ulin,balik sakola kuring ngaringkuk dina ayunan,bari maca jeung ngadengekeun tembang2 sunda ti radio(rumasa kuring mah kajeun rada lenger ge,ari sare mah msh di ayun nepi ka kelas 4.mlh mandi ge kudu di pandian ku nini bari jeung kudu di udag2 tly di rejeng.da kuring mah panghoream2na kana mandi teh)

    nyambung...

0 komentar:

Posting Komentar