• TEU KARAOS

    Subhanallah,, waktos téh meni teu karaos nyérélék waé . Asa nembé kamari diayun ambing ku pun Nini téh,komo pami ras émut kana rebab mah,asa sok ngahelap emut ka pun Aki(alm.),pan Hobby na téh ngagésék rebab dugikeun ka ngagelik-gelikna,samalahmah senarna ogé dugikeun ka pararègat sagala da saking ku sumangetna ngagésék panginten. euhh,muhun gening nya,pami nuju ngalamun kieu téh,pipikiran asa kumalayang nganjang ka wanci nu tos kalangkung.sagala memory boh nu pikaseurieun,pikasediheun,pikeuheuleun jsb,bruh bréh narémbongan dina congcolak panon,rabul pajejel2 jeung paheula2 kawas rahayat nu ngantri sambako. Subhanallah... Asa teu karaos,gening yuswa téh tos pupuluhan.berarti sim kuring ngageugeuh alam dunya teh tos mangpuluh2 taun(tos sepuh gening nya sim kuring téh,tapi asa masih anom wae..nya kalakuan nu utama na mah heuheuy) tapi...naha maké teu kararaos nya?padahal waktos téh pami di anggo ibadah mah sok asa lami pisan ceuk raraosan sim kuring mah,duka tah saur nu sanés mah(ashtaghfirullahal'adziim,mugia Allah swt.ngahapunten dosa2 sim kuring).

0 komentar:

Posting Komentar