• RARASA'AN

    "Ashshalatu khairumminannauum...." Hawar-hawar kadenge sora adzan shubuh,ngageuingkeun umat nabi Muhammdad s.a.w sangkan geura hanjat ti alam impenan,pikeun ngalaksanakeun kawajiban,sinembah ka nu maha kawasa. Kuring ngulisik bari nenget-nenget ka eta sora(nu adzan) "naha gening aya sora nu adzan?,pan di dieumah euweuh masigit.aya oge pan jauh di longgang,mun seug aya nu adzan ge tara tarik-tarik teuing kawas kieu.jeung deuih...ké..ké..ké..eta sora nu adzan teh bet asa wawuh.." kuring ngagerentes dina jero hate,tuluy nginget2 kana eta sora. "naha gening bet asa siga sora Abah...lagamna,galuang galeongna,cara narik nafasna,..bener ieu mah blég pisan sora abah,tapi ah piraku abah aya didieu,pan abah mah...."kuring teu kebat,bulu punduk asa maruringkak. Teu lila...hiliwiiir...seungit seupan sampeu,asa aya di hareupeun irung.ras inget kana mitos(ceuk kolot baheula mah mun teu pupuguh aya ngahiliwir bau sampeu teh cenah mah aya makhluk alam sejen nu keur ngaliwat),puguh weh ieu bulu punduk biki tingparuringkak wae,jeung ieu deuih jajantung meni ratug tutunggulan,kawas dulag poe lebaran.geus puguh kesang mah,nepi ka baleu'euran kesang badag kesang lembut paheula2 kaluar ti pori2. Ret ka katuhu,ret ka kenca. "ari kuring aya dimana..? da asa na teh ieu mah lain nggon kuring?"kuring nginget2,tly... "ashtaghfirullahal'adziim..."kuring ngababetkeun samping réréng bodas,nu tadi pake nyimutan awak kuring. tok tok tok tok.... Sora nu ngetrok panto. Boro2 hayang mukakeun panto,ieu suku ge kalah biki nyorocod teu puguh,teu bisa di lengkah2keun acan.kuring kalah ka nyempod di juru ranjang nu kolambuna ngagebay2 katiup ku kipas angin. "ambu,aya nu bobo di lebet kamar eta...?"sora budak leutik bangun nu capetang "muhun geulis,nu di lebet teh mamahna 'neng..pan kamari tos di wartosan ku Apa Neng, lain...?" "ah henteu,apa mah teu nyarios nanaon.mamah saha ambu?pan saur apa,mamah Neng mah tos maot,,,"jawab budak. deggg...!! Karasa aya nu nonjok kana hate kuring. Ingetan kuring kararumpul,sing torojol nyalampeurkeun sorangan.kuring inget kamari isuk kuring tumpak kapal hiber aya kana 4 jam'na ti taipei ka jakarta.ti Bandara sukarno hatta,tly kuring jeung batur2 nu sarua Tkw di anteurkeun ka imah masing2 make mobil travel khusus TKI ,teu karasa kukurilingan nganteurkeun btr hiji2 teh aya kana 7 jam na,da lolobana imahna teh di pasisian jauh ka kota....Alhamdulillah ya Allah,gening kuring teh geus aya lembur.lemah cai nu 9 taun lilana di tinggalkeun ku kuring. Geus kitu mah,kuniang kuring hudang,tuluy kulutrak...muka tulak panto(masih angger kawas baheula,tulakna make kayu nu di palangkeun dina daun panto,ngan ayeuna mah geus rada reod jeung teu pati netrep. Bray,panto di buka... "ambuuu....ieu ambuu..."kuring nubruk ambu tly nyiuman pipina.da keur peuting teh,datang2 langsung dugsek wae dina enggon,teu ngamprokan sasaha deui salian abah,bakating ku cape meureun. "aeh gening tos nyaring nyai,kumaha kbrna geulis,naha bet asa begang kieu...anaking,,?"tembal ambu bari nangkeup tly ngusapan kuring,pipina ju'uh ku cipanon,karasa pisan haneutna ka pipi kuring. nyambung...

2 komentar:

  1. HUTOMMO LANANK mengatakan...

    Uwenak dibacana bikin lidahku ke sleo..he..he...Di terjemahin pake bahasa Indonesia dunkkkk...

  2. Tetyngacaprak mengatakan...

    Wkwkwkwkwk.ga ngarti bahasa emak ku ye? Hehe

Posting Komentar