• BORONDONG/POP CORN

    Sobat sobit,aya nu masih emut ka lagu Borondong garing teu?pami teu lepat mah di haleuangkeuna teh ku Nining meida,meni raoseun pisan kadanguna eta lagu teh,matak emutan angkleung2an ka zaman bahala.komo pami ngadangukeuna sabari nga'emaman borondong mah(borondong nya'an ieu mah,sanes BORONDONG dalam tanda kutip)heuheu. Ngomong2 soal borondong,kapungkur mah borondong teh katuangan urang palemburan(pangalaman penulis>>kapungkur pami ply borondong,sok nyegat tukang korompongan.meserna ge teu nganggo artos,b'rter weh +rongsokan/barang2 nu tos teu kaanggo.biasana pm teu kana borondong nya kana gulali ). kapungkur mah rasa borondong teh pmi teu amis nya asin,teu sapertos ayeuna(aya rasa coklat,keju,kaldu ayam,madu,karamel,jsb).jeung deuih ayeuna mah ngemil borondong teh asa teu kararagok alias teu gengsi.da eta weh gening salain rasana,kemasana/bungkusna oge meni karerèn(baheula mah pan cukup ku kérésék atawa ku baskom).samalah barudak ayeuna mah gening nelahkeuna oge tara borondong,tapi POP CORN cenah mah gaul nurutan bahasa urang pakulonan/bahasana ceu Lady Di Tea gening,terang teu?. Ngadamel borondong teh gampil pisan lur,penulis tos nyobian ngadamel..pami palay terang kieu carana.. Siapkeun -jagong garing(pami aya jagong nu khusus kanggo borondong) -uyah lembut -mentega/margarin(pami teu aya,ku minyak sayur ge teu nanaon). -pnyedap rasa. Panaskeun mentega tuluy campurkeun uyah sareng penyedap rasa(tiasa oge di gntos ku gula,keju,cokelat bubuk,atanapi nu sanesna). Mun tos panas pisan,abrukeun jgong,di aduk2 sakedap.tuluy gentak ditutupan nu rapet. Pami aya sora sing peletuk,teu kenging kaget.eta tandana si jagong tos mulai baretus tluy malegar..(tong hilap,katel na di goyang2 meh asakna rata)goyangna mah goyang naon weh,bd goyang karawang,goyang ng'bor,patah2 ge wios.ngan kade weh katu2ngan,heuheu. Pami tos taya sora sing pletuk,berarti borondong tos asak. Tah kitu cara ngadamel borondong dapur ngacaprak version.wilujeng nyobian

0 komentar:

Posting Komentar